Selasa, 09 Februari 2010

Bajuang Tuluy Tandang


Dada lapang hate caang
Bajuang meunangkeun bentang
Dihareupeun panon harepan herang
Oge jalan anu panjang

Bajuang tuluy tandang
Neangan jeung nyebarkeun makna ka hate anu lapang
Nyingkirkeun kasieun jeung hariwang
Sangkan jiwa jauh tina kamelang

Bajuang tuluy tandang
Kaendahan pasti datang
Bajuang tuluy tandang
Jadi pameunang dina waktuna gamlang